Pangangonan
ogé tara kaliwat. Sawah, kebon atawa tegalan sok dipaké pangulinan barudak di
pilemburan. Kawas harita dina wanci Asar. Itoh, Abih, Anan, Enas, Ikik jeung
Anih, masih kénéh di sawah keur ngarangon domba. Sawahna garing kahalodoan tur
anyar kénéh dipibuatan. Kotakanana lalega, laluasa mun dipaké arulin téh. Domba
angonanana aranteng deuih. Mapay- mapay galengan jeung kotakan. Ngaremus jukut
jeung turiang anu kakara jadi.
Barudak téh, boh awéwéna boh lalakina babarengan ngarabutan jarami jeung akar-akaran. Jebrud-jebrud dicabutan. Sok digundukkeun, saurang sagunduk séwang. "Cap cung alap-alap! Saha nu wani maok sing busung dibéntar gelap!" Crot-crot Anih nyiduh dua kali kana gundukan jaramina anu padeukeut jeung meunang Enas. Sieun beubeunanganana aya nu maok. "Piraku atuh euy wani maok nu batur da nu uing ge geus loba. Geura urang paluhur-luhur. Tuh geuning luhur kénéh nu uing, nya?" témbal Enas bari nuduhkeun beubeunanganana.

"Aranggeus
euy atawa aracan?" cék Ikik anu jadi gegedugna nanyakeun ka babaturanana.
"Ké, karék meunang dua gunduk!" témbal Abih. "Buru-buru atuh.
Kari ngagundukkeun keur ‘indungna’. Geus dicontoan ku déwék, tah dua
gunduk!" cék Ikik bari ngarahuh, capé. Gék diuk, nyanghunjar dina
galengan. Ngadagoan nu séjén. Bru-bru deui nu séjénna nambahan gundukan
piindungeun, hanca Ikik tadi téa, mani beuki ngahunyud. "Enggeus
euy?" Ikik nanya sakali deui ka babaturanana. "Enggeus, lah!"
témbal sawatara babaturanana bari haruhah-haréhoh. Tuluy nyampeurkeun ka Ikik.
"Ké heula, urang reureuh sakeudeung. Capé, jeung ieu curuk mani peurih,
kakését jarami," cék Anan.
"Lah, reureuh mah engké baé bari ngahénén ari nyumput. Hayang geura buru-buru ucing-ucinganana!" cék Anih. "Heueuh lamun teu jadi ucing mah. Kumaha lamun pareng jadi ucing pan
leuwih capé?" Anan rada nyengor ka Anih. "Geus lah! Urang buru-buru priskeun ku déwék. Ulah paloba-loba omong bisi tuluy paraséa," Ikik megatan omongan anu duaan.
Barudak ngarariung, nyangharéup ka Ikik anu ngeupeul jukut carulang genep gagang. Kembangna sina rancung ka luhur. Ari gagangna buni kakeupeul ku leungeun nu katuhu.
"Sok euy, geura ngarumpul!" cék Ikik. Ceg barudak téh ngareupeul gagang jukut nu di acungkeun ku Ikik, hiji séwang.

Pok
Ikik ngawihan: "Cit kucuit demang kuntul Sirit tikait bongan
tungkul........" "Ah, ah sudi ah! Teu kaci. Naon jorang
ngawihanana!" Anih protés bari jamedud. "Har, apan ambéh seuri, ambéh
bungah," cék Ikik bari ngagakgak. Nu séjén ogé saleuseurian deuih.
"Ké urang balikan deui atuh," cék Ikik. "Ciiit kucuit demang kuntul. Saha nu ngait meunang pendul ........!" Crot-crot nyiduhan leungeunna nu dipaké nyekelan jukut téa. Bray dibuka. Pris ........!!! "Alah, déwék ucing euy. Meunang nu dicangreudkeun!" cék Anan, semu horéameun jadi ucingna. "Untung euy déwék teu nyekel nu rada jangkung. Mun kitu téh jadi ucing cikalna," cék Abih semu atoh. "Pék euy, geura depa atuh di gigireun jarami indung," Ikik nitah ka Anan. Brék Anan depa. Nu séjénna riab tuluy nyarumput bari depa di gigireun gundukan jarami nu réa sabeunangna-sabeunangna téa. Dina hiji gundukan teu meunang aya nu nyumput duaan atawa tiluan. "Enggeus euy?" ucing nanya bari rada cengkat. "Geus ........!" aya nu némbalan rada jauh.
Teu wudu ucing téh rada riweuh. Barieukeun milih gundukan nu disumputan téh. Tumpukan jarami aya 12 tumpuk, ari nu ditéangan ngan limaan. Los ka dieu lowong, los ka ditu kosong. Kaciri aya nu rada mucunghul, tonggongna rada papak jeung gundukan jarami. Ikik nyumput di dinya. Niatna mah rék nipu ka ucing. Gundukan jarami nu pendék, moal enya dipaké panyumputan ku nu jangkung. Tapi ucing rancingeus, teu éléh siasat. Apal kana warna baju nu nyumput di dinya. "Hong Ikik!" cék ucing ngagentak. Pucunghul, beretek Ikik lumpat miheulaan ucing nu geus lumpat ti heula muru tempat indung. Siet, plek, juralit Ikik jungkir. Koprol miheulaan ucing hayang nepi kana jarami indung. Blak awakna tibeubeut. Nyeri-nyeri ogé, awakna téh siga nu teu dirasa. Bungah baé nu aya bisa miheulaan ucing, nepi kana tempat indung. "Meunang, heula déwék lah!" Ikik haruhah-haréhoh. Atoh jeung capé bari nepakan dadana. "Sugan téh moal nyabet ku jungkir euy, hanas déwék haré-haré," ucing rada ngahéab haténa." “Keun lah, opatan deui, rék taki-taki déwékna."

Nu
opatan nungtut ka"hong"keun ku ucing, sarta kabéh aréléh. Euweuh nu
bisa miheulaan lumpat muru kana tempat indung téa.
Ari Ikik jeung Anan mah dina iangan nu ka dua teu kudu milu dibilangan deui. Bye (baca : bay) mun dina istilah pertandingan olah raga mah. Kari nyarumput baé. Kari nu tiluan, nangtukeun saha-sahana nu jadi ucingna. Itoh kagiliran milangan, nunjukkan bari ngawihan, pokna: "Blag-blig-blug jambé ngora Budak ngajeblug euweuh ka éra ........” "Abih ucing!" cék nu séjénna. Bring lalumpat. Nyarumput sanggeus Abih depa di palebah indung. Saurang, dua urang nungtut geus ka"hong"- keun ku Abih. Sanajan rada lila ogé Abih aya milik. Teu kapiheulaan ku baturna dina muru tempat indungna. Jadi Abih nu meunang. Geus kitu diteruskeun kana iangan ka tilu.
Itoh nu kaparengkeun jadi ucingna. Ari rék maju kana iangan ka opat, barudak téh rareureuh heula, dariuk dina galengan, ngajajar. Kalayang aya alap-alap ngalayang di luhur. "Alah itu aya alap-alap gedé naker. Buluna rada kondang!" cék Abih rada tanggah.
Barudak nu séjénna ogé taranggah deuih sarta ujug-ujug breng baé karakawihan: “Alap-alap pangngigelkeun dibéré kadal sepotong Alap-alap pangngigelkeun dibéré cau sepotong ……..” “Tuh ngigel nya. Hideng, mani ngiplik baé salila-lila. Kawas nu ngarti sato ogé ari dikawihan mah," cék Abih. "Heueuh baé nya ........" témbal sareréa. Soloyong, siet........ka handap. Pung deui ka luhur. Alap-alap téh teup eunteup dina tangkal randu di sampalan béh ditueun sawah. "Walah, mani ngan sakilat. Nyamber naon nya euy?" cék Anan ka batur-baturna.

"Galak nya alap-alap mah. Kawas dina carita
wayang baé, make maling pangantén sagala geuning, dina lalakon "Alap-alap
Dursilawati" mah. "Enya galak, pedah sok nyambéran sasatoan séjén.
Keur urang mah aya alusna. Tuh itu ogé meureun keur ngahakan "Si
Monyong" nu diranggeum bieu téh. Hama paré urang ditumpes tah ku nu kitu
Urang kabantuan jasa nya?" cék
Ikik. "Heueuh nya ........." témbal batur-baturna. Beuki lila poé téh beuki nyedek ka burit baé. Layung mimiti hibar ti beulah kulon. Di sawah beuki tiiseun da barudak geus baralik, ngagiringkeun angonan ka lemburna bari kebek ku kabungah. Ulin seubeuh. Angonan buncir.

0 komentar:
Posting Komentar