Sabtu, 19 Juni 2010

Samagaha Hate


Naha hate bet tibelat?
Padahal lain kuduna...
Rek nepi ka iraha?
Ngudag kalangkang mega,
nu lumpat nyuruwuk ka tungtung langit...
Gugupay bari nyalindung,
kana lalangse hate nu bangun deudeuh...
Nyingraykeun pasemon marahmay...
Hanjakal teu kahontal,
ku raga nu ngan ukur tinggal kahayang...
Beberung teu walakaya...
Basa ninggali mega diteureuy haleungheum peuting...
Bulan nu gugupay ngajak cumarita,
hanjakal teu kapalire ku lamunan
Basa bulan diteureuy mega,
ukur bisa cumalimba,
dina simpena peuting....

Kahuripan, 28 Juli 2004