Kamis, 02 Agustus 2012

Alap-Alap

Pangangonan ogé tara kaliwat. Sawah, kebon atawa tegalan sok dipaké pangulinan barudak di pilemburan. Kawas harita dina wanci Asar. Itoh, Abih, Anan, Enas, Ikik jeung Anih, masih kénéh di sawah keur ngarangon domba. Sawahna garing kahalodoan tur anyar kénéh dipibuatan. Kotakanana lalega, laluasa mun dipaké arulin téh. Domba angonanana aranteng deuih. Mapay- mapay galengan jeung kotakan. Ngaremus jukut jeung turiang anu kakara jadi.
Barudak téh, boh awéwéna boh lalakina babarengan ngarabutan jarami jeung akar-akaran. Jebrud-jebrud dicabutan. Sok digundukkeun, saurang sagunduk séwang. "Cap cung alap-alap! Saha nu wani maok sing busung dibéntar gelap!" Crot-crot Anih nyiduh dua kali kana gundukan jaramina anu padeukeut jeung meunang Enas. Sieun beubeunanganana aya nu maok. "Piraku atuh euy wani maok nu batur da nu uing ge geus loba. Geura urang paluhur-luhur. Tuh geuning luhur kénéh nu uing, nya?" témbal Enas bari nuduhkeun beubeunanganana.