Kamis, 20 Oktober 2011

Inohong Di Bojong Rangkong


Juragan Warsa keur ngalingling di sawahna nu ngaplak lega bari ngawaskeun nu keur garawe macul. Sakapeung pepeta bari tutunjuk ku iteuk hoena. Padudan teu lesot tina leungeun kencana.

Juragan Warsa
:
Sing bener macul teh Uyan! Da silaing teh dibayar ku dewek. Sing segut euy! Etah silaing deuih Omen! Tong kawas nyolekan tarasi atuh macul teh euy!
Uyan
:
Laah.. juragan mah sok kitu. Sakitu uing segut kieu, masih we digeunggeureuhkeun. Piraku Uyan teu segut... atuh moal kapake deui ku juragan keh!
Omen
:
Jeung enyana si agan mah... piraku pacul uing disaruakeun jeung cocolek tarasi.... sakitu pacul adu nu dipakena oge...
Juragan Warsa
:
Eeeh... lain kitu, dewek mah ngelingan we ka silaing. Pan barang gawe nyiar kipayah teh kudu bener.. ngarah hasilna barokah keur anak pamajikan....


Keur jongjon kitu, torojol Cep Kemed putra Juragan Warsa anu bungsu datang jeung babaturanana tiluan.

Cep Kemed
:
Pih... Apih... ieu Kemed datang... hahaha.... Ces heula atuh!... hihihi....
Juragan Warsa
:
Astaghfirulloh Kemed.... nanaonan ari silaing euy! Ka kolot teh kitu peta... lain ngucapkeun salam... sumawona nepi ka sungkem mah ka kolot teh... kalah cus cas ces ces teu pararuguh.... sing eling silaing teh Kemed!
Cep Kemed
:
Hehehe... gaul atuh Pih! Pan Kemed teh anak Apih... Juragan Warsa anu pangjegudna sa Bojongrangkong.... piraku Kemed kapiheulaan gaul ku batur....
Juragan Warsa
:
Lain gaul ari kitu belegug! Tapi pidorakaeun... naha silaing teu sieun doraka, kitu peta ka kolot!
Cep Kemed
:
Alaaah... si Apih mah kalah khotbah... kawas ajengan wae... da Kemed oge apal, Apih mah solatna oge belang betong heuheuy!
Cing Pih! Menta duit sajuta mah... rek turing yeuh!
Juragan Warsa
:
Naa... silaing mah kabina-bina make jeung ngera-ngera dewek. Make nyabit-nyabit solat. Kawas ajengan wae silaing mah...
Geus..geus! tong loba wangkong... Rek naon tadi teh? Dedengean teh menta duit?
Cep Kemed
:
Kitu.. lah kinten-kinten!
Juragan Warsa
:
Sabaraha?
Cep Kemed
:
Aaah... sakedik.. mung sajuta.... hihihi...! etaa.. kanggo meser baso... hihihi...!
Juragan Warsa
:
Haah... sajuta keur meuli baso?... cing kira-kira we atuh silaing teh Kemed.... Piraku jajan baso-baso wae kudu sajutaeun....
Cep Kemed
:
Ari Apiih... pan meser basona oge di dituuu... di Surabaya.... hihihi... sok-sok atuh Pih.. rek mere moal?
Juragan Warsa
:
Nahaaa... meuli baso-baso wae kudu ka Surabaya... pan di dieu oge loba Kemed!
Cep Kemed
:
Tuuuh.. da si Apih mah tinggaleun jaman... Pan Kemed teh rek nonton Persib lawan Persebaya... maenna di Surabaya... kituuuu Apiiiih.... telmiiiii!!!
Juragan Warsa
:
Ngomong atuh titatadi... rek ka Surabaya kituh.... rek jeung saha ka ditu? Dewek milu euy!.. da dewek oge sarua atuh bobotoh.. hehehehe......
Cep Kemed
:
Hahaha.... tuuh.. nya da si Apih mah... ari tadi kawas nu heueuh... ari ayeuna hayang milu lalajo... hehehe... Hayu Pih laah.. jeung Kemed we urang kana Harley.... hahaha.... ulah poho.. pake tah dudukuy lakenna... hihihi....
Juragan Warsa
:
Meunggeus ah.. tong nyeungseurikeun siah... yu atuh urang bebeja heula ka si Mamih...
Cep Kemed
:
Siiiip...soop..... laaah... ayooo... kemon... Piiiih.....!!

Juragan Warsa jeung Cep Kemed katut babaturanana arindit kana motor. Nu keur maracul areureun gawena.

Uyan
:
Heuheuy deuh... hayang seuri urang mah ningali kalakuan Juragan Warsa... kawas nu heueuh... tapi saruana jeung Cep Kemed... hihihi....
Omen
:
Laaah... ilaing mah kawas nu teu nyaho kana adat dunungan.... hihihi... lumayan euy!... balik... balik....
Uyan
:
Hahaha.... bonus..bonus... baliiiik...... baliiiiiiik........



0 komentar:

Posting Komentar