Sabtu, 03 April 2010

Novel Sunda


Bagean 1


Jang Otong


Disebut pendek da teu pendek-pendek teuing manehna teh ngan pedah awakna meber ka gigir meureun nu matak katingalina teh ringkih. Jang Otong, kitu manehna sok disarebut ku tatangga salemburna. Umurna kurang leuwih tujuh welas taunan. Manehna karek rengse sakola di tingkat SLTA di kota kabupaten da puguh ari di lemburna mah can aya sakola luhur.
Puguh ge budak keur meujeuhna belekesentreng. Ceuk paribasana mah keur meujeuhna buta tulang buta daging Jang Otong teh. Nu matak ti saprak manehna balik ka lembur gawena teh teu daek cicing di imah. Teu sirikna unggal poe unggah ka imahna teh laju rek salin wungkul. Malah kana dahar mah manehna teu pati malire, kitu we sakapanggihna malah kadang-kadang nepi ka teu manggih sangu sapoe jeput.
Unggal poe manehna ngador ti hiji tempat ka tempat sejen. Sakapeung nepi ka lembur tatangga ngadorna teh. Kitu we ngajugjugan babaturan ulinna bereto. Kaitung loba deuih baladna teh kawantu manehna mah pikaresepeun batur. Bareto oge keur budak, ari keur arulin teh aya peupeuhan manehna mah pada marebutkeun ku babaturanana. Pok itu hayang jeung Otong pok ieu hayang jeung Otong. Manehna ukur bisa nyengir dumeh awakna pada medol ka ditu ka dieu. Rek teu kitu kumaha atuda manehna mah resep banyol jeung teu babarian deuih. Sigana lamun euweuh manehna teh teu rame. Eta we pernah hiji waktu manehna keur humarurung gering panas tiris waktu babaturana nyalampeur teh. Nenjo Jang Otong ngaringkuk mah naha da teu tulus arulinna teh. Anggur ngagarimbung di imahna bari maturan nu gering.
Ayeuna sanggeus manehna sawawa, ulatna teh da angger wae. Resep banyol jeung teu babarian. Ari ngariung jeung baladna teh mani sok tingcakakak bari tinglalenggak. Komo mun manehna geus ngabanyol, kuat ka aya nu ngacay atuda babaturana teh bakat ku ngeunah seuri. Ari baladna lain ngan wungkul budak lalaki. Buktina budak awewe oge raresepeun pisan ka manehna teh, malah mah lamun diitung-itung sigana loba keneh budak awewe babaturana teh. Eta pan resep banyol tea, jadi budak awewe oge bangun anu teu kararagokeun ka manehna mah. Ceuk manehna, genah keneh jeung budak awewe cenah ari ulin teh. Sok diogo atuda ku budak awewe mah. Ditanggap ngabanyol bari pada ngariung-riung. Buruhna sok dijarajanan. Komo Neng Esih mah, bubuhan anak nu jegud, atuh lamun ngajajanan Jang Otong teh mani sok bro-broan. Kitu we sabangsaning kadaharan kampung kayaning kulub hui, kulub cau, kolek, atawa leupeut. Komo kana kulub hui mah kawantu karesepna, malah sok rajeun wani menta deui mun dijajanan teh. Pernah eta oge Jang Otong pada ngabaraeudan ku barudak awewe babaturan ulinna pedah embungeun di ajak ngarujak di garduh. Atuda era cenah ari kudu milu ngarujak mah, eta meureun pedah ngarujak mah pagawean awewe. Ngan teu lila dibaraeudanana teh da manehna mah sok buru-buru ngupahan deui ku banyolan.
Kira wanci haneut moyan, Jang Otong geus indit deui ti imahna. Rek ka Suminta cenah, babaturan sabangkuna basa keur sakola di SD. Leumpang ngagandeuang bari heheotan. Sakapeung ngahariring, sakapeung ngaheot, bangun anu salse naker. Ari Suminta teh budakna mantri guru. Imahna di gigireun sakola anu perenahna di lembur tonggoh. Di jalan, budak sakola ngabring rek arindit ka sakola. Ras manehna inget ka mangsa keur sakola di SD. Kaitung pinter manehna mah, uteukna encer sanajan lain jalma aya oge. Ngan lamun dibandingkeun jeung Suminta mah manehna masih keneh eleh pinter. Ari Suminta mah pantes we ketang da anak guru, matak pinter oge meureun da mindeng diwurukan ku bapana di imah.
Teu karasa manehna geus anjog ka buruan sakola. Leuh geuning loba ayeuna mah budak sakola teh. Sigana kabeh budak anu umurna masih keneh umur sakola mah sarakola. Teu siga jaman manehna, loba budak anu teu sarakola. Kitu bae lamun teu nganggon munding, nya mantuan kolotna barang gawe di kebon atawa ngasuh adi-adina. Apan teu saeutik budak sasamana anu teu ngasaan pisan bangku sakola. Contona si Kodir nu umurna pakokolot supa jeung manehna kiwari geus rumah tangga, malah mah geus boga budak dua. Tuluy si Imas, budak emangna, umurna sahandapeun manehna sataun, ayeuna geus boga budak tilu. Duanana oge teu pisan ngasaan sakola, antukna ngora keneh geus rarabi. Tapi na kituna mah kapan si Wawan oge batur sakelasna baheula, ayeuna geus boga budak. Nya kitu atuh da ari teu nuluykeun sakola mah. Komo ngaranna oge hirup di kampung, aya paribasa gede saeutik oge geus meujeuhna kawin cenah. Heuheuy deuh, manehna jadi ngarasa reueus dumeh ngalaman sakola luhur. Atuda nu nuluykeun sakola ka SLTA ti lembur manehna mah bisa diitung ku leungeun. Saentragan manehna oge ngan ukur manehna jeung Suminta anu nuluykeun sakola teh.
"Wah, ngimpi naon peuting nya? Bet tepang sareng kasepuhan. Bade kamana agan teh?!"
Jang Otong mani ngarenjag bakat ku reuwas. Ari breh, Suminta geuning nu nanya teh. Suminta mah angger ari nanya teh teu elat ku nga'agan'keun.
"Heuheuy, piraku aya agan busekel. Angger Minta mah… sok bisa ari ngalem teh" ceuk manehna bari nyerengeh.
"Keun bae busekel oge, nu penting mah ngetop. Aeh kamana Tong? Isuk keneh geus aya di dieu?" Suminta bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun kituna teh.
"Puguh rek ke Minta. Kabeneran we keur aya, he he he…." Bakat manehna mah lamun ngomong teh sok ditungtungan ku ngaheheh.
"Atuh sukur we ari inget keneh ka uing mah. Tapi hampura Tong, uing rek ka kelas heula. Karunya budak bisi balabur, urang bere tugas heula. Dagoan we sakeudeung nya!"
"Har… na ngaguruan Minta teh?" manehna semu reuwas.
"Ah, diajar we Tong. Keur mah karunya ka Apa deuih kurang guru di sakola teh, ari budak loba jadi Apa kawalahan" tembalna daria.
"Heuheuy… atuh alus we Min! Aeh… Pa Guru! He he he…" ceuk manehna ngagonjak.
"Lah tong nyebut Pa Guru atuh euy! Era… pan karak diajar ngaguruanna oge uing mah" Suminta kapiasem.
"Keun bae atuh Min. Sakitu oge Minta mah geus puguh boga pacabakan, teu siga uing masih we udar ador teu puguh cabak he he he…"
"Atuh cabakan we bujur hayam ngarah tereh ngendog…" Suminta ngaheureuyan.
"Ha ha ha…, maenya dicabak wungkul bisa ngendog… ha ha ha… Jung…jung kadituh rek ngajar heula mah! Itu budak bisi ngajag siga guruna baheula…. Ha ha ha….!"
"Ha ha ha…, heueuh atuh nya! Dagoan sakeudeung da moal lila. Dikantun heula Agan….!" Suminta ngomongna bari ngaleos muru ka buruan sakola.
Jang Otong neuteup tonggong baturna bari narik napas jero. Beu… geuning batur mah geus jadi guru. Ari manehna masih keneh can kairong kana naon pacabakan. Ras ka indung bapana anu seuseut seuat nyakolakeun manehna ka kota. Ehm… hampura Ema… Bapa… uing can bisa mulang tarima.
Karasa aya anu nyelek kana dadana. Karek kapikir ku manehna yen manehna teh geus lain budak deui. Gek manehna diuk dina korsi teras imah Suminta. Manehna ngahuleng… bet asa aya rasa lain anu ngancik dina lelembutanana. Era… bener rasa era ayeuna anu minuhan dadana pedah can bisa mulangkeun kanyaah nu jadi kolot.
Sajongjongan manehna ngahuleng. Tapi teu lila manehna nyerengeh deui. Lain oge Jang Otong atuh ari kudu butek ku masalah kitu mah. Manehna meunang bongbolongan. Keun bae kahontal heunteuna mah kumaha engke. Nu penting mah aing nyobaan heula, kitu ceuk pamikirna.
Barang Suminta nyampeurkeun, Jang Otong geus sayaga. Pok manehna ngabudalkeun kahayangna. Uplek pisan ngobrolna teh. Sakapeung tingcakakak bari tinglalenggak. Bubuhan sobat dalit, panggih teh ngobrol oge teu cukup ku waktu sakeudeung.
Pasosore Jang Otong balik ti imah Suminta bari mawa hate anu bungangang. Malah mah ngahariringna oge tarik pisan ayeuna mah. Manehna ngarasa bungah. Bungah anu taya papadana.

 

 

0 komentar:

Posting Komentar